Sajak Ena Rs.
Layung
layung sore euntreup
na mumunggang pasir nu mimiti samar
lamunan tibelat ku hibarna
: sono ka anjeun
mapag sareupna ku hariring
tembang melang nu paanggang
2011.
Mapag Umur Opat Puluh
tanggal-tanggal ngolembar tina kalender
jiga dangdaunan maluguran
nu kaliwat nu kungsi kaiwat na ingetan, patulayah
sapanjang panineungan saliwat-saliwat
taun demi taun surup unggal tungtung desember
mapag januari bagea panon poe anyar
nu bakal kasorang ngalangkang
datang dina rewuan tanya kahariwang
horeng hirup taya nu pasti
ukur dicipta-cipta rea teuing patamorgana
diudag saparat waktu saparatna cakrawala
taya nu karaeh ukur lungse milang hanca-hanca kosong
tanggal-tanggal ngolembar, taun-taun surup
desember januari desember januari ngajejel na memori
hiji mangsa sadar horeng geus panjang lalampahan
anjog na mumunggang umur
najan teu pati wani: wilujeng sumping umur opat puluh.
2011.
Isuk-isuk
sacangkir kopi pangbagea ti pun istri
diuyup saregot-saregot haneutna parat kana ati
sumanget lugay getih lancar otak mencar
singkil mapag panon poe anyar
neruskeun hanca nu can kabayar.
2011.
Dua Rebu Sapuluh
taun pinuh ku hujan
pinuh berkah, manawi?
ki patani teu reureuh metakeun pacul
melak binih di sawah jeung di huma
harepan nyengsreng dina dada
taun pinuh ku hujan
kutan, seueur musibah?
banjir di hilir longsor di gunung
nalangsa leeh dina cimata
tawakal ngamuara jeroeun kalbu.
2010.
Mun Anjeun Nanya Kuring Rek Nanya
mun anjeun nanya: kunaon kuring milih nyingkur
nyisi tina nyemprungna jaman?
sabab simpe! nya, simpe nu ngalantarankeun kuring
tetep boga hate. nya, simpe nu nu ngalantarankeun kuring
bebas digawe. lain jalma nu padet jadwal diatur waktu
ngitung untung rugi diudag deretan angka-angka, target,
deadline jeung stres minuhan otak saperti anjeun
najan kuring bobolokot leutak moal ngarasa eleh ketak
najan anjeun luis di jero kantor moal rek ngarasa eleh pamor
kuring rek malik nanya: neangan naon peuting-peuting anjeun
nyasab ka kafe-kafe, club malem jeung karoke?
halahab kalbu moal reureuh ku botolan alkohol
marudah hate cadu rehe ku geulisna pirang-pirang awewe
mustahil nyalse ku musik nu cenah ngabebaskeun ekspresi
anjeun bakal terus kekeleyengan
neangan di mana nyumputna tingtrim.
di sisi jaman, ki dulur, tingtrim bumetah.
2011.
Purnama Baheula jeung Ayeuna
baheula, mun purnama buruan rame ku budak
arulin ucing-ucingan tingcerewet nyieuhkeun simpe
: aranteng diasuh bulan
ayeuna, mun purnama buruan teu weleh simpe
bulan ngangkleung sorangan
budak anteng diasuh tivi.
2011.